Senin, 04 November 2019

SISINDIRAN


1.  Wangenan Sisindiran
Sisindiran mangrupa hiji kabinangkitan pikeun urang Sunda. Séké sélér séjén ogé barogaeun kabinangkitan anu sarimbag jeung urang Sunda. Hirup huripna sisindiran méh teu kapapay, teuing saha nu ngamimitian jeung ti iraha dimimitianana.

Sisindiran téh kaasup wangun sastra pituin Sunda jadi hartina hasil kabinangkitan pituin urang Sunda, malah lain ngan urang Sunda wungkul tapi bangsa Indonesia (dina basa Indonésia sisindiran téh=pantun). Sisindiran nurutkeun tatabasa mah (wangunan kecap) kaasup kecap rajékan dwipurwa, asal kecapna tina sindir. Sindir dihartikeun salaku kecap atawa omongan anu henteu langsung ka nu dimaksud (henteu togmol) tapi dibalibirkeun (ngomong malibir).
2.  Sisindiran dina Basa Sunda jeung Pantun dina Basa Indonesia
Saméméh diguar hal sisindiran ayeuna rék dibandingkeun heula nu disebut sisindiran di Sunda jeung pantun dina basa Indonésia.Contona ieu di handap.
Kacang kandel gégébéngan
Gararing dina jajaran
Lamun resep nyéngcéléngan
Sok ginding dina lebaran        

Dina basa Indonesia sisindiran téh disebut pantun, contona ieu di handap.
Dibawa itik pulang petang
Dapat di rumput bilang-bilang
Melihat ibu sudah datang
Hati cemas jadi hilang

Ku nengetan conto di luhur, tétéla pisan pantun dina basa Indonesia jeung sisindiran téh sarua, boh wangunna boh pasipatanananu béda ngan basana.

3.  Wangun jeung Unsur Intrinsik Sisindiran
a.  Nilik iketanana atawa wangunanna, sisindiran téh aya tilu rupa nyaéta:
1)     wawangsalan (bangbalikan);
2)     rarakitan; jeung
3)     paparikan.
b.  Nilik unsur intrinsik sisindiran téh aya tilu rupa nyaéta:
1)     piwuruk;
2)     lulucon; jeung
3)     asmara.
a.  Wawangsalan
Wawangsalan asal kecapna tina wangsal, ari wangsal sawanda jeung wangsul. Wangsul = balik, nu matak wawangsalan disebut ogé bangbalikan. Bangbalikan diwangun ku (sajajar) cangkang jeung (sajajar) eusi. Lobana engang unggal jajaran biasana dalapan engang,

Contona di handap.

Kembang bodas buah bunder
Ngaheruk nya pipikiran (jeruk)

Gambar 4. 1Jeruk

            Cangkangna-----kembang bodas buah bunder
            Eusina-------------ngaheruk nya pipikiran
            Anu dimaksudna teh-----Jeruk
            engang ruk ayana dina eusi nyaéta dina kecap ngaheruk.
     Tengetan conto-conto séjénna!
(1)  Beulit cinggir simpay réma
Ulah lali ka sim abdi (Ali)

Gambar 4. 2 Ali
Sumber: media-hamil.blogspot.com

(2) Daun tuhur na tangkalna
     Ari ras ku milik diri (kararas)

Gambar 4. 3Kararas Daun Cau
(3)  Gedong ngambang di sagara
            Ulah kapalang aya béla (kapal)

Gambar 4. 4Kapal Laut

(4)  Nyiruan genténg cangkéngna
Masing mindeng pulang
anting (papanting)

Gambar 4. 6Papanting

Pikeun néangan anu dimaksud téh nyokot tina salahsahiji kecap nu aya dina eusi. Ari anu jadi soalna nyaéta kecap-kecap anu aya dina cangkang. Jadi, cangkang téh mangrupa tarucing anu kudu diteguh. Dina neguh anu dimaksud téh biasana urang niténan engang-engang mana kira-kirana anu luyu jeung cangkang, jadi salawasna urang téh balik deui, balik deui kana cangkang téa. nu matak sisindiran sarupa kieu disebut bangbalikan atawa wawangsalan, lantaran dina neguh téh salawasna kudu balik ninténan kecap-kecap anu aya dina cangkang,
Wawangsalan (bangbalikan) téh aya dua rupa nya éta 1) bangbalikan lanjaran, jeung 2) bangbalikan dangding.
1)    Bangbalikan Lanjaran
Bangbalikan lanjaran nyaéta bangbalikan anu henteu didangdingkeun. Jadi, ngaleunjeur baé, malah sok dipaké dina basa sapopoé, ngan biasana upama dipaké dina baa sapopoé mah sok tara diteruskeun kana eusi, cukup ku cangkang wungkul. Nu matak disebut bangbalikan lanjaran ogé. (lanjaran sawanda jeung leunjeuran, teu sarua jeung lancaran).

Contona:
(a)  Ngadéngébéja kitu téh kuring mah bati ngembang kudu baé, da puguh teu nyaho mimitina
(b)  Ih nyarita téh bet teu puguh monyét hideungna, hanas didéngékeun.
(c)  Na dagangan téh bét ngembang awi
2)    Bangbalikan Dangding
Bangbalikan dangding nyaéta bangbalikan anu disusun diwangun dangding, contona ieu di handap.
Dina Pupuh Kinanti
Di Cikajang aya gunung
Asa paturay jasmani
Kalong leutik saba leuweung
Bawaning sumedot pikir
Kembang biru di astana
Abot pisan jeung nu asih

b.    Rarakitan
Sarakit ngandung harti sepasang. Rarakitan sisindiran anu cangkangna sarakit, eusina sarakit. Sok rajeun aya sisindiran anu cangkangna sarta eusina leuwih ti dua kalimah, nu kitu ogé rarakitan kénéh. Aya deui anu minangka jadi tanda rarakitan téhnyaéta sawatara kecap dina cangkang sok dipénta deui dina eusina. Rarakitan téh eusina aya nu ngandung:
1)  rarakitan piwulang;
2)  rarakitan lulucon; jeung
3)  rarakitanasmara.
Ieu di handap conto-conto rarakitan.
a.    Rarakitan Piwulang
1)    Méméh ngagelarkeun kasur
Samak heula ambéh rinéh
Méméh nyaritakeun batur
Tilik heula awak manéh

b.    Rarakitan Lulucon
Sisindiran boh rarakitan atawa paparikan anu ngandung lulucon disebutna sésébréd.
Geura ieu conto-conto rarakitan anu ngandung lulucon.
1)    Pribumi nu ngajul jeruk
Kuring mah niiran
Pribumi ulah rék giruk
Kuring arék sisindiran


c.    Rarakitan Asmara
1)    Ka mana nya nyiar payung
Sakieu panas poéna
Ka mana nya nyiar duyung
Sakieu panas haténa

c.     Paparikan
Paparikan asal kecapna parik. Kecap parik sawanda jeung parek, anu hartina deukeut. Jadi, paparikan téhnyaéta sisindiran anu diwangun ku dua jajar atawa leuwih cangkang jeung dua jajar (leuwih) eusi. Dina paparikan mah biasana anu diarah téh pedeukeutna sora (sada) dina cangkang jeung sora-sora (sada) dina eusi.
Conto paparikan saperti kieu.
                            Panyingkiran Jatitujuh
                            Ngaliwat ka sasak beureum
                            Pipikiran teu paruguh
                            Ngemutan nu acuk beureum

Nurutkeun eusina, paparikan téh aya tilu nyaéta: 1) paparikan piwulang; 2) paparikan asmara; jeung 3) paparikan lulucon.

1)    Conto Paparikan Piwulang
Samping kageutahan dukuh
Dikelab dikacaikeun
Nu matak manéh sing kukuh
Papatah guru imankeun

                        Saméméh ngamparkeun kasur
                        Samak heula ambeh rinéh
                        Saméméh nyalahkeun batur
                        Ragap heula awak maneh

2)    Conto Paparikan Asmara
Pipiti dibungawari
Téténong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
Hadé omong pangoloan

3)    Conto Paparikan lulucon
Baju tablo dibulao
Kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
Terang-terang geus ku batur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar